Terimakasih atas kunjungan anda, semoga bermanfaat

Saturday, January 3, 2015

TAFAKUR

cenah boa kuring teh nafakuran diri
ningan keukeuh hate teh bedang wangkelang
asa aing teu batur
laku lampah sok loba kaleuleuwihi
ngarasa kuring teh anjeun
tapi apan anjeun lain kuring
lain karek saengapan
boa mah renghapna anjeun kuring apal
pon kitu engapan kuring anjeun teu aneh
hesena ngangonan karep
nyaliksik ka buuk leutik
ditataan hiji-hiji
manahoreng lengkah loba tikosewad
ucap loba tisoledat
boa-boa sarengkak saparipolah
matak jaheut kana manah
mung anjeun teu tega nganaha-naha
hampura baraya
anjeun nu teu tuah teu dosa
bet jadi korban kasombongan kuring nu jumawa
bedegong taya pangaling
palias tamat lalakon
nu lalajo bati surak
Ema,
naha enya aya nu sajati
nu teu kahalang ku kahayang
teu kawengku ku kabutuh
teu dipinding aling-aling
lian ti deudeuhna Ema ka kuring?
hampura Ema,
‪#‎hariwang‬ di tungtung taun
keur anjeun nu gugupay ti mumunggang
entah — menyesal .

No comments:

Post a Comment