Terimakasih atas kunjungan anda, semoga bermanfaat

Saturday, January 3, 2015

CEURIK LEUTIK DI IMAH KURING

ema,
ningan wanci geus janari
hayam tatangga geus reang patembalan
lir nu ngageura-geura mangkat ka cai
sumujud ka sang hyang widi
ninggalkeun sagala rereged dunya
tapi ema,
dina mangsa kuring ngagupay taun kamari
kalayan ngahiap taun nu anyar datang
hate kuring tagiwur
taun kamari
kuring loba tisoledat letah
sering tikosewad lampah
nu ngabalukarkeun jaheutna manah
ngalantarankeun baraya jadi teu someah
apan saur ema,
ulah rek nyiwit lamun embung diciwit
hate kuring wangkelang, ema
loba sempal guyon teu uni
ngarasa kuring teh batur
jiga enya batur teh kuring
ngarasa ieu aing henteu batur
bener aing henteu batur
hampura ema
salah kuring ema,
ngukur batur ku kacapanon kuring
neuleuman hate batur make ukuran kuring
naha enya aya nu sajati, ema
nu miasih tanpa pamrih
mikanyaan tanpa pangarah
lir welas asihna ema ka kuring?
hampura ema,
kuring can bisa ngigelannana
can bisa tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
sakumaha piwejang ema
mugia ema,
masih aya pangharepan
dina lalakon nu bakal karandapan
malakmandar carita teu kaburu lekasan
sugan masih bisa diomean
sakumaha harepan ema
ema,
nineung kuring tanpa cimata
keur anjeun nu gugupay di mumunggang
tungtung taun 2014
#ceurik leutik— di Di Imah Kuring.

No comments:

Post a Comment