Terimakasih atas kunjungan anda, semoga bermanfaat

Monday, December 3, 2018

59 DI MUMUNGGANG

alhamdulillah....
nuhun gusti, wanci manjing sareupna
hirup angger can bisa ajeg nyepeng tetekon
masih resep ngagugulung nafsu duniawi
ambek jeung suudzon masih ngancik dina ati
hade kuring teu batur, ceuk kuring
bener kuring teu batur, ceuk kuring
pinter kuring teu batur, ceuk kuring
hese nyaliksik diri, asa hirup pangbenerna
palangsiang, boa lalakon geura lekasan
hampura....
kuring teu bisa ngabageakeun ka anjeun
kuring loba ngajaheutkeun ka anjeun
boa hampura anjeun geus beak keur kuring
boa-boa....
najan can rumasa, mugia enya
hirup jeung maot kuring ukur keur ANJEUN
oge keur anjeun puputon ati
nuhun gusti....

No comments:

Post a Comment