Terimakasih atas kunjungan anda, semoga bermanfaat

Thursday, June 29, 2017

DURIAT

Doel Sumbang

Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu di palire

Reff: Duriat teu bisa digantian ku rupa
        Duriat teu bisa dihilian ku harta
        Duriat teu bisa diaya aya
        Duriat datangna henteu kapaksa
  
Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Diaping dijaring ku urang duaan
Dijaga di riksa pinuh rasa kaheman

No comments:

Post a Comment